Sabtu, 11 Agustus 2012

Kakawihan Murangkalih Baheula


Oray-Orayan :
Oray-orayan, luar léor mapay sawah,
Entong ka sawah, paréna keur sumedeng beukah,
Mending gé teuleum, di leuwi loba nu mandi,
Saha nu mandi?
Anu mandina pandeuri.

Oray-orayan, luar léor mapay kebon,
Entong ka kebon, loba barudak keur ngangon,
Mending gé teuleum, di leuwi loba nu mandi,
Saha nu mandi?
Anu mandina pandeuri.

Acung-acungan :
Cung acung halu-halu,
tikukur ngadu,
di jalan ka Cikadu,
opak-opak angge-angge,
mulung muncang ka papangge,
digogog ku anjing gede,
beunangna henteu kabade.

Papanggalan :
Tuk-tuk brung! kalang sunge,
kalang tanjung,
pada kutik pada semprung,
kacingcalang dogna bitu,
atumpak tungir tungtung......breng!

Sieuh-Sieuh :
sieuh-sieuh!
manuk ka ditu ka dayeuh,
di dieu sagala euweuh,
sia moal bisa seubeuh,
da aya anu ngageugeuh.

Sieh-sieuh!
manuk ulah arék datang,
bisi nyorang kana régang,
kudu nyingkah maka anggang,
di dieu aya pangilang.

Sieuh-sieuh!
manuk ulah arék ganggu,
da aing anu keur tunggu.

Ole-Olean :
Ojok-ojok uang-aung,
ngarojok nu di saung,
nu di saung bau sigung,
dirojok lumpat ka lisung,
hup dengdo, hup dengdo.

Ting-ting kolanting,
simeut meuting dina jeungjing,
kokoprak awi sabeulah,
Hup! kongkorongok jago!
Ole-ole ogong, ole-ole ogong!

Bisa oge ngawih Oyong-oyong Bangkong :
Oyong-oyong bangkong,
kong parakan nyambut,
buten buah beunying,
nyingsatkeun cawene,
neang nu ngajuru,
ruket sajajagat,
gatrik tumpak munding,
dingkleung ka landeuhkeun,
keuna kana burang,
rangkek naek jambe,
beo menta kejo,
johar kawali dulang,
budak tonggar ngegel tulang.

Bangbang Kalima Gobang :
bang kalima gobang...wah
bang bangkong ditengah sawah
wahéy tukang bajigur...gur
guru sakola désa....sa
saban poé ngajar...jar
jarum paranti ngaput...put
putri anu gareulis....lis
lisung kadua halu....lu
luhur kapal udara....ra
ragrag di Jakarta.....ta
taun sabaraha....ha
haji rék ka Mekah....kah
kahar tujuh rébu....bu
buah meunang ngala....la
lauk meunang nyobék...bék
béker meunang muter...ter
terus ka Cikampék...pék
pékna gagang kalam...lam
lampu eujeung damar...mar
mari kuéh hoho...ho
otél pamandangan...ngan
ngantos kangjeng dalem...lem
lempa lempi lempong ngadu pipi jeung nu ompong.

Jaleuleuja :
Jaleuleuja ……
atulak tujaeman …. gog
seureuh leuweung …. bay
jambe kolot …… bug
ucing katinggang songsong ….. ngek !

Nanggerang – Nanggorek :
Yu batur urang ulin ka Nanggerang
ah embung sieun lila teuing beurang
keun atuh ambeh umur urang panjang
nu panjang Nini Aki Balangantrang

Leuleui leui leuleu leuleuyang
aya mojang geulis pisan
Yu batur urang ulin ka Naggorek
ah embung Nanggorek mah lila poek
keun atuh ambeh seubeuh ngeleketek
leketek embung sieun bareuh kelek
Leuleuileuyang aya bujang teu uyahan

Galah Ginder :
Galah ginder galah ginder
adelerder dut ndutan
cle ka pangaclekan
clo ka pangaclokan
jleg ka pangajlegan
Ganggonggo gangbengbe
atoli toli mas marino
plang atilingtingplang bule
sarpa’i lonyod penyon
boga rupa jiga embe
karesep nyonyoo kohkol
emh nyonyoo kohkol
emh nyonyoo kohkol
emh emh nyonyoo kohkol
emh emh nyonyoo kohkol

Ningningnang :
Ningningnang ningningnang
doli ndot blem
dalem sumping dor
bajidor tutunjuk kembang malati
ya olé olé ombang
térongna ting belenong
adu riri siri pinyong
inyong inyong mas muria
tukang gandék raja belang

Nengnongnengjak :
Néngnongnéngjak
toroktok kuda janggotan
pa kuwu kariaan
laukna lauk bilatung
kéjona kejo gadung
tangtung bedog rumpung
tungtang bedog rompang
hét hét kuda janggotan
kélék monyét héhéotan
bangdung bangplak ndut ém

Surser :
Surser surser
angeun waluh tacan asak
disuluhan ku baketek
baketek meunang meulahan
meulahan ku peso petok
peso petok gagang timah
nalek tok anu di imah

Surser surser
amis cau amis kumbang
jawadah tataleotan
hileud si tataru ngambang
ih tai manukan
ih tai manukan

Sakentrung :
Sakentrung sakentrung
sakentrung sakentrung
paré hawara ti huma
ditutu na lisung pondok
trung dong dong trung éng
trung dong dong trung éng
trung dong dong trung dongéng
Sakentrung taligung peci pécang
tété tulak tété wondo
dalem tulak raja sono
kalisana dong blé
kacang diraraweuy tembus kénéh
dodol sana dodol sana
cir kuciplak doli ndot blem
Siapa siatu siapa pegang ratu
di depan pintu salah satu
sakentrung taligung nyi mantri dalem
mindrio mindrio tember muté
hayam kate hayam katé
dilulugem ta éhém ta éhém
ta éhém ta ém ta ém

Milang Kadaharan :
haji gula,
tiwu opak,
dalima,kesemek,
dukuh, dadap,
Salak, sapu.

Nanangkaan :Genjling-genjling
Éta saha di pipir?
Kaula !
Rék naon?
Rék meuli nangka,
Nangkana gé karék dipelak,
Nangkana kakara jadi,
Nangkana kakara jadi tongtolang,
Nangkana kakara gumading,
Ayeuna geus asak,
pék baé geura ala.

Ni Ongo :
Ni Ongo,bujur nini molongo,
Pasang batu dua puluh lima,
Aya tangkal cau,
Aya tangkal peuteuy,
Nyai geura nyagu,
Akang peurih beuteung.

Ngala Hui :
Kelenang-kelenéng napi sééng,
Keledat-keledut napi huut,
Saha éta nu ngaliwat?
Kami aki jeung nini,
Rék naon?
Rék ngala hui.

Pacublek-Cublek Uang :
Pacublek-cublek uang,
Uangna manggul lénténg
Butata-butiti,
Padati wara-wiri,
Tah si nona tah si babah,
Si Sidin mau kawin,
Gamelan jegang-jegung,
Ta eemh, ta eemh.

Pacublek-cublek uang,
Uangna ngaborété,
Mutata-mutiti,
Padati wara-wiri,
Tong si nona tong si babah,
Katék bungbu,
Bokér-bokéran,
Si Sidin maling awi,
Potong kerbau tinggi,
Tinggina jemblang-jemblung.

Capit Cuit Cangkorélang :
Capit cuit cangkorélang,
Manuk daun mobok liang,
Liang keuyeup, keuyeup sekar,
Sakur cai, cai haneut,
Haneut kuku, kuku peusing,
Peusing cala, cala bunar,
Bulan silih, silih ogan,
Ogan kotok, kotok hurik,
Hurik amis, amis gula,
Gula léngkét, léngkét dagé,
Dagé dungkuk, dungkuk lutung,
Lutung puntang, puntang dahan,
ahan pucung, pucung célang,
Célang bonténg, bonténg lilin,
Lilin odéng, odéng paré,
Paré konéng, konéng tinggang,
Tinggang anak, anak buwu,
Buwu séksék, séksék nobék di karéés.

Jung Jaé :
Jung jaé balakatanjung jaé,
Pucuk menyan mangsoyi godong malati, riri
Riri nyandung ka putra Dalem Tumenggung, Bandung
Bandung tipung polongpong saunda-éndo, poho
Poho tadi lalajo teu mawa simbut, butut
Butut bétét kakampis munding kadempét, coét
Coét-coét ngaléak ka nu kacangan, jebrod!

Wék Wék Dor :
Wék wék dor,
Doran pacul,
Culak-cileuk,
Leukeun pisan,
Sandékala,
Béas beureum,
Reumbeuy kacang,
Cang kadelé,
Lého sapi,
Pindang lubang,
bangkong héjo,
Joli jopak jojoliong.

Ambil-Ambilan :
Ambil-ambilan,
turugtug hayam samantu,
euweuh nu diambil,
kabéh gé budak pahatu,
najan pahatu gé daék,
purah nutu, purah ngéjo,
purah ngasakan baligo,
purah calik dina lampit,
purah tunggu pipir leuit,
nyerieun sukuna,
kacugak ku kaliage,
aya ubarna,
urut guling sampuragé,
tiguling nyocolan dagé,
geura dahar sangu bodas,
béasna beunang ngahidas,
lauk cai beunang mais,
angeun taleus pencok hiris.

Selasa, 12 Juni 2012

KATUANGAN/MAKANAN URANG SUNDA

1. Acar Bonténg
2. Acar Lauk
3. Ali Agrem
4. Angeun Bayem
5. Angeun Haseum
6. Angeun Émés
7. Angeun Iwung 
8. Angeun Kacang Beureum
9. Angeun Kari
10. Angeun Katuk
11. Angeun Lodéh
12. Angeun Lompong
13. Angeun Nangka
14. Angeun Pahinum
15. Angeun Tahu
16. Angléng
17. Apem
18. Asé Cabé
19. Awug
20. Bakakak Hayam
21. Bakasem Buah
22. Bakasem Kadongdong
23. Bakasem Salak
24. Baléndrang
25. Bandros
26. Bangkét
27. Beuleum Jagong  
28. Beuleum Lauk
29. Beuleum Peuteuy    
30. Beuleum Siki Jambu Médé
31. Beuleum Siki Nangka 
32. Bihun Goréng
33. Borondong    
34. Bubur Béas
35. Bubur Beureum
36. Bubur Bodas
37. Bubur Kacang Héjo
38. Bubur Lemu
39. Bubuy Boléd
40. Bubuy Peuteuy
41. Bubuy Sampeu
42. Bubuy Siki Nangka
43. Bugis
44. Burayot
45. Cara Bodas
46. Carancam
47. Céos Kacang
48. Cimplung
49. Cobék Belut
50. Cobék Génjér
51. Cobék Jantung Cau
52. Cobék Oncom
53. Colénak
54. Comro
55. Cuhcur
56. Dagé Cangkring
57. Dagé Wijén
58. Dagé Empoy/Kadedemes
59. Dagé Kalapa
60. Dagé Tahu
61. Dawet
62. Dodol Kacang
63. Dodol Ketan
64. Dodol Peuyeum
65. Dodol Sirsak
66. Dorokdok
67. Éprés
68. Ganyol
69. Geblog
70. Gegeplak
71. Gegetuk
72. Gemblong
73. Géréjég
74. Goréng Asin
75. Gulali
76. Gulé
77. Gurandil  
78. Jalabria
79. Jawadah Pasar    
80. Kalua Gedang
81. Kalua Jeruk        
82. Kalua Kalapa
83. Kalua Suuk
84. Karédok
85. Kasréng
86. Katimus
87. Kérécék Peda
88. Keremes
89. Kicimpring
90. Kiripik Cau
91. Kiripik Kentang
92. Kiripik Sampeu
93. Kiripik Taleus
94. Kolontong
95. Koya
96. Kulub Boléd
97. Kulub Buncis
98. Kulub Gadung
99. Kulub Ganyol 
100. Kulub Kacang Gondolo
101. Kulub Hui Amis
102. Kulub Hui Jahé
103. Kulub Hui Kemayung
104. Kulub Hui Kutil
105. Kulub Hui Riung Indung
106. Kulub Jaat
107. Kulub Jéngkol
108. Kulub Kacang Bulu
109. Kulub Kacang Panjang
110. Kulub Kadadangkél
111. Kulub Kangkung
112. Kulub Paria
113. Kulub Peuteuy
114. Kulub Sagu
115. Kulub Sampeu
116. Kulub Siki Nangka
117. Kulub Sukun
118. Kulub Suuk
119. Kulub Taleus
120. Kulub Waluh Siem
121. Kulub Daun Gedang
122. Kupat
123. Lemper
124. Leumeung Ketan
125. Leupeut
126. Lontong
127. Loték
128. Manisan Balingbing
129. Manisan Cangkaléng
130. Manisan Ceremé
131. Misro
132. Moho
133. Nagasari
134. Oncom
135. Ongol-ongol
136. Opak Ketan
137. Opak Sampeu
138. Opor Ayam
139. Pais Hayam
140. Pais Jeroan
141. Pais Koci
142. Pais Lauk
143. Pais Oncom
144. Pais Suung
145  Pais Tahu
146. Péncok Hiris
147. Péncok Kacang Panjang
148. Perkedel Jagong
149. Peuyeum Dodol
150. Peuyeum Gaplék
151. Peuyeum Ketan
152. Peuyeum Sampeu
153. Pindang Endog
154. Pindang Lauk
155. Pisang Goréng
156. Puncak Manik
157. Putu
158. Ranggesing
159. Ranginang
160. Rangining
161. Reuceuh Bonténg
162. Rotén
163. Rujak Bebek (Tumbuk)
164. Rujak Cuka
165. Rujak Kanistren
166. Rujak Uleg
167. Rurujakan
168. Sambel Bajak (Sambel Calo)
169. Sambel Cibiuk
170. Sambel Goang
171. Sambel Goréng Cabé
172. Sambel Goréng Kentang
173. Sambel Goréng Témpé
174. Sambel Jahé
175. Sambel Muncang
176. Sambel Oncom
177. Sambel Suuk
178. Sambel Tarasi
179. Sangray Roay
180. Sangray Jagong
181. Sangu Akeul
182. Sangu Gaplék
183. Sangu Goréng
184. Sangu Ketan
185. Sangu Konéng
186. Sangu Liwet
187. Sangu Tim
188. Sangu Tumpeng
189. Sangu Tutug
190. Sangu Wuduk
191. Saroja
192. Sasagon
193. Saté
194. Selé Cau
195. Selé Kesemek
196. Semprong
197. Semur Jengkol
198. Sepi
199. Seupan Cau
200. Seupan Daun Kacang Panjang
201. Seupan Daun Mamangkokan
202. Seupan Daun Sampeu
203. Seupan Engkol
204. Seupan Taleus
205. Simping
206. Soto Bandung
207. Surabi
208. Surundéng
209. Tahu
210. Tangtang Angin
211. Tempé
212. Téngténg
213. Togé
214. Tumis Buncis
215. Tumis Kangkung
216. Tumis Picung
217. Tumis Waluh
218. Ulén
219. Ulukutek Leunca
220. Urab Jagong
221. Urab Sampeu
222. Urab Sayuran
223. Uras
224. Wajit Ketan

PUNTEN WAE BILIH BILIH AYA NU KALANGKUNG, MANGGA SERAT, IEU MAH NEMBE KATUANGAN, TEU ACAN LEUEUTEUNA MAH!

Minggu, 27 Mei 2012

Budaya yang telah ditinggalkan

2.1 Budaya Adat Istiadat

DAFTAR UPACARA ADAT DI TATAR SUNDA

1. Upacara Adat Seren Taun
Kampung Sinar Resmi Kecamatan Cisolok Kabupaten Sukabumi
Tanggal 12 – 13 Juli
Sebagai ungkapan rasa syukur, rasa hormat serta terimakasih
kepada Yang Maha Kuasa dan Dewi Sri atas panen yang telah
diperoleh.

2.Upacara Adat Seren Taun Ciptagelar
Kampung Gede Kasepuhan Ciptagelar Desa Sirna Resmi Kecamatan
Cisolok Kabupaten Sukabumi
Tanggal 5 dan 6 Juli
Sebagai ungkapan rasa syukur, rasa hormat serta terimakasih
kepada Yang Maha Kuasa dan Dewi Sri atas panen yang telah
diperoleh.

3. Upacara Adat Labuh Saji
Kelurahan Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi
Tanggal 5 – 6 April
Agar hasil tangkapan berlimpah setiap tahun dan memelihara
hubungan baik dengan Nyi Dewi Roro Kidul.

4. Upacara Adat Nyalawena
Pantai Apra Kabupaten Cianjur Muara Sungai Cisadea Kecamatan
Sindangbarang dan Komplek Makam Buyut Sinaraja Kabupaten
Cianjur
Bulan Desember
Untuk menyambut datangnya ikan kecil (impun) dari laut menuju
pantai yang jumlahnya sangat banyak yang ditangkap oleh
masyarakat untuk dijadikan lauk pauk.

5. Upacara Adat Badirian Pengantin Tebu
Pabrik Gula Jatiwangi dan Kadipaten Kabupaten Majalengka
Bulan April/Mei
Sebagai rasa syukur atas hasil penanaman tebu yang diperoleh,
memohon berkah dan keselamatan untuk memproses (menggiling)
tebu menjadi gula, dan mohon berhasil lagi di masa mendatang.

6. Upacara Adat Mipit Indung Pare
Kampung Leuwi Panas Desa Sirnajati Kecamatan Talaga Kabupaten
Majalengka
Bulan Agustus
Sebagai pernyataan syukur atas keberhasilan pertanian serta upaya
dalam memelihara hubungan dan mendekatkan diri kepada Allah
YME.

7. Desa Legok Herang Kecamatan Cilebak Kabupaten Kuningan
Bulan November
Syukuran, perayaan, hiburan bagi anak gembala dan para petani.

8. Upacara Adat Seren Taun
Komplek Paseban Kecamatan Cigugur Kabupaten Kuningan
Tanggal 18 s.d 22 Rabiul Awal
Sebagai salah satu media dalam mengungkapkan rasa syukur
kepada Tuhan Yang Maha Esa atas segala berkah yang telah
diterima seiring dengan harapan agar dimasa yang akan datang,
hasil panen seluruh anggota masyarakat dapat lebih melimpah lagi.

9. Upacara Adat Kawin Cai
Desa Balong dalam Kecamatan Jalakasana Kabupaten Kuningan
Bulan November
Untuk memohon turun hujan guna mengairi lahan pertanian serta
kebutuhan hidup lainnya.

10. Upacara Adat Sapton dan Panahan Tradisional
Sebagai upaya promosi kepariwisataan daerah dan pelestarian nilainilai
budaya tradisional daerah serta memeriahkan hari jadi
Kuningan

11. Upacara Adat Panjang Jimat
Keraton Kasepuhan Kota Cirebon
Bulan Mei
Untuk memperingati kelahiran Nabi Muhammad SAW dan
mengenang jasa-jasanya dalam menyiarkan agama islam.

12. Upacara Adat Nadran
Desa Citemu Kecamatan Mundu Kabupaten Cirebon
Bulan Juli
Untuk keselamatan bagi para nelayan selama melakukan
penangkapan ikan di laut serta syukuran atau menyampaikan
rasa terimakasih kepada Sang Pencipta yang telah memberikan
rezeki pada masyarakat nelayan.
13. Upacara Adat Buyut Nyimas Gandasari
Desa Kasugenan Kidul Kecamatan Plumbon
Bulan Oktober
Sebagai peringatan (hari ulang tahun/haul) meninggalnya Nyi
Mas Gandasari yang dianggap cikal bakal/pendiri kampung.

14. Upacara Adat Memayu
Komplek Pasarean Gede Trusmi Kabupaten Cirebon
Bulan November

15. Upacara Adat Ngunjung
Makam Keramat Syekh Magelung Sakti Desa Karang Kendal
Kecamatan Kapetakan Kabupaten Cirebon
Bulan Oktober
Sebagai media untuk memohon perlindungan Yang Maha
Kuasa dan para leluhur setempat agar tanah garapan tetap bisa
menghasilkan sesuai harapan, juga mendapat berkah dan
keselamatan serta lindungan Tuhan yang Maha Esa

16. Upacara Adat Giling Tebu
Desa Karang Suwung Kecamatan Karang Sembung Kabupaten
Cirebon
Bulan April
Sebagai ungkapan rasa syukur dari masyarakat desa Karang Suwung
kepada Tuhan YME yang telah memberikan panen yang berlimpah
serta tanda terimakasih Pabrik Gula Karang Suwung untuk
masyarakat desa yang telah lama bekerja sama membantu Pabrik
Gula Karang Suwung dalam penyediaan bahan baku gula.

17. Upacara Adat Nadran
Desa Eretan Kulon Kecamatan Kandang Haur Kabupaten Indramayu
Bulan Oktober
Sebagai ungkapan syukuran nelayan atas hasil ikan yang telah
diperoleh, mohon keselamatan dari gangguan “penguasa laut”.

18. Upacara Adat Ruatan Bumi
Kampung Banceuy Desa Sanca Kecamatan Jalan Cagak Kabupaten
Subang
Sebagai ungkapan rasa syukur atas keberhasilan pertanian dan
upaya tolak bala, sebagai media penghormat kepada leluhur yang
berjasa dalam sejarah perkembangan kampung Banceuy.

19. Upacara Adat Ngaruat Laut
Pantai Belanakan Kabupaten Subang
Bulan September
Sebagai ungkapan rasa syukur nelayan atas nikmat dari Allah Yang
Maha Esa, malakukan penghormatan terhadap leluhur, memohon
mendapat hasil melimpah di masa mendatang, dan terhindar dari
roh-roh jahat.

20. Upacara Adat Nadran
Sungai Buntu Kecamatan Pedes Kabupaten Karawang
Bulan Juni
Sebagai Ungkapan rasa syukur nelayan kepada Tuhan Yang Maha
Esa atas hasil ikan yang diperolehnya dan memohon agar dimasa
yang akan datang dapat menghasilkan lebih banyak lagi, serta untuk
menghormati Budug Basu sebagai tokoh yang dipercaya masyarakat
Sungai Buntu sebagai cikal bakal adanya ikan.

21. Upacara Adat Wuku Taun
Kampung Cikondang Desa Lamajang Kecamatan Pangalengan
Kabupaten Bandung
Tanggal 25 Januari (16 Muharam)
Seabagi ungkapan rasa syukur atas nikmat yang diberikan Allah SWT
dan memohon keselamatan, kesejahteraan, terhindar dari
kekurangan dan kelemahan di tahun lalu.

22. Upacara Adat Ngalungsurkeun Jimat
Situs Makam Godog, Kampung Godog Desa Lebak Agung Kecamatan
Karang Pawitan Kabupaten Garut
Bulan Maret
Sebagai bentuk penghormatan dan penghargaan kepada Prabu
Kiasantang yang bernama lain Sunan Rochmat Suci.

23. Cialuteureun Pameungpeuk Kabupaten Garut
Bulan Oktober
Sebagai sedekah,mempersemgahkan, menyerahkan atau selamatan
dengan cara mengirimkan sesuatu pada Allah SWT melalui laut.

24. Upacara Hajat Sasih
Kampung Naga Desa Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten
Tasikmalaya
Tanggal 7 Febuari
Sebagai ucapan Syukur kepada Tuhan YME dan juga kepada Rasul
Nya Nabi Muhammad SAW yang telah memberikan keselamatan,
keberhasilan, dan limpahan berupa hasil bumi serta tanah yang
subur dan sekaligus sebagai penghormatan dan minta berkah
kepada leluhurnya yaitu Eyang Singaparna yang dianggap sebagai
cikal bakal masyarakat Kampung Naga yang menurunkan orang
Sanaga.

25. Upacara Hajat Laut
Jojontor Pamayang Sari Desa Kucawung Ngading Cipatujah
Kabupaten Tasikmalaya
Tanggal 20 Januari (11 Muharam)
Sebagai event kepariwisataan.

26. Upacara Adat Ngampih Pare/Ngalaksa
Desa Wisata Ranca Kalong Kecamatan Ranca Kalong Kabupaten
Sumedang
Bulan Juli
Sebagai wujud rasa syukur terhadap Tuhan Yang Maha Esa atas
hasil panen yang melimpah (dalam hal ini masalah padi).

27. Upacara Adat Tutup Buku Guar Bumi/Ngaruat Jagat
Alun-alun Situ Raja Kabupaten Sumedang Desa Karedok Kecamatan
Waktu Pelaksanaan
Fungsi
Jati Gede Kabupaten Sumedang
Bulan September
Untuk mensyukuri nikmat Tuhan, menandakan bahwa penggarapan
sawah akan segera dimulai, dan mengharapkan produksi pertanian
yang lebih baik di masa akan datang.

28. Upacara Adat Nyangku
Panjalu Kabupaten Ciamis
Bulan Mei
Sebagai pernyataan rasa syukur atas perjuangan dalam menjaga
kelestarian nilai sejarahnya.

29. Upacara Adat Hajat Bumi
Desa Sukanagara Kecamatan Padaherang Kabupaten Ciamis
Tanggal 28 Januari
Sebagai ungkapan rasa syukur masyarakat atas berkah dan nikmat
yang telah dianugrahkan Tuhan Yang Maha Esa.

30. Upacara Adat Seren Taun Guru Bumi
Kampung Budaya Sindangbarang Desa Pasir Eurih Kecamatan
Taman Sari Kabupaten Bogor
Tanggal 27 Januari
Sebagai ungkapan rasa syukur masyarakat petani di Kampung
Sindangbarang, Kabupaten Bogor.

31. Upacara Adat Ngarot
Desa Lelea Kecamatan Lelea Kabupaten Indramayu
Bulan November
Sebagai ungkapan rasa syukur atas hasil panen dan permohonan
berkah keselamatan serta perlindungan dari Allah SWT.

32. Upacara Adat Tanah Ububan Kamasan
Desa Taman Rahayu Kecamatan Setu Kabupaten Bekasi
Untuk mengenang kembali jasa Raden Sungging Kamasan sebagai
orang yang pertama kali mengembangkan kerajinan.

33. Upacara Adat Mapag Sri
Desa Cibeusi Kabupaten Subang
Setiap tanggal 14 hari Rabu bulan Juni
Untuk menyambut atau menjemput Dewi Sri (Dewi Padi) yang
merupakan perwujudan dari rasa hormat kepada Dewi Sri (Dewi
Padi) yang telah memberikan kebahagiaan dan berkah kepada
petani serta rasa syukur kepada Tuhan Yang Maha Esa atas panen
padi yang mereka peroleh setiap tahun.

34. Kabuyutan Ciburuy Desa Pamalayan Kecamatan Bayongbong
Kabupaten Garut
Setiap bulan Muharam Minggu ke-3, malam Kamis setiap pukul
Fungsi
19.30 WIB
Sebagai penyampaian kebaktian dan permohonan maaf dari segala
kekurangan.