Memperkenalkan Seni dan Budaya serta Pariwisata Provinsi Jawa Barat
Sabtu, 11 Agustus 2012
Kakawihan Murangkalih Baheula
Oray-Orayan :
Oray-orayan, luar léor mapay sawah,
Entong ka sawah, paréna keur sumedeng beukah,
Mending gé teuleum, di leuwi loba nu mandi,
Saha nu mandi?
Anu mandina pandeuri.
Oray-orayan, luar léor mapay kebon,
Entong ka kebon, loba barudak keur ngangon,
Mending gé teuleum, di leuwi loba nu mandi,
Saha nu mandi?
Anu mandina pandeuri.
Acung-acungan :
Cung acung halu-halu,
tikukur ngadu,
di jalan ka Cikadu,
opak-opak angge-angge,
mulung muncang ka papangge,
digogog ku anjing gede,
beunangna henteu kabade.
Papanggalan :
Tuk-tuk brung! kalang sunge,
kalang tanjung,
pada kutik pada semprung,
kacingcalang dogna bitu,
atumpak tungir tungtung......breng!
Sieuh-Sieuh :
sieuh-sieuh!
manuk ka ditu ka dayeuh,
di dieu sagala euweuh,
sia moal bisa seubeuh,
da aya anu ngageugeuh.
Sieh-sieuh!
manuk ulah arék datang,
bisi nyorang kana régang,
kudu nyingkah maka anggang,
di dieu aya pangilang.
Sieuh-sieuh!
manuk ulah arék ganggu,
da aing anu keur tunggu.
Ole-Olean :
Ojok-ojok uang-aung,
ngarojok nu di saung,
nu di saung bau sigung,
dirojok lumpat ka lisung,
hup dengdo, hup dengdo.
Ting-ting kolanting,
simeut meuting dina jeungjing,
kokoprak awi sabeulah,
Hup! kongkorongok jago!
Ole-ole ogong, ole-ole ogong!
Bisa oge ngawih Oyong-oyong Bangkong :
Oyong-oyong bangkong,
kong parakan nyambut,
buten buah beunying,
nyingsatkeun cawene,
neang nu ngajuru,
ruket sajajagat,
gatrik tumpak munding,
dingkleung ka landeuhkeun,
keuna kana burang,
rangkek naek jambe,
beo menta kejo,
johar kawali dulang,
budak tonggar ngegel tulang.
Bangbang Kalima Gobang :
bang kalima gobang...wah
bang bangkong ditengah sawah
wahéy tukang bajigur...gur
guru sakola désa....sa
saban poé ngajar...jar
jarum paranti ngaput...put
putri anu gareulis....lis
lisung kadua halu....lu
luhur kapal udara....ra
ragrag di Jakarta.....ta
taun sabaraha....ha
haji rék ka Mekah....kah
kahar tujuh rébu....bu
buah meunang ngala....la
lauk meunang nyobék...bék
béker meunang muter...ter
terus ka Cikampék...pék
pékna gagang kalam...lam
lampu eujeung damar...mar
mari kuéh hoho...ho
otél pamandangan...ngan
ngantos kangjeng dalem...lem
lempa lempi lempong ngadu pipi jeung nu ompong.
Jaleuleuja :
Jaleuleuja ……
atulak tujaeman …. gog
seureuh leuweung …. bay
jambe kolot …… bug
ucing katinggang songsong ….. ngek !
Nanggerang – Nanggorek :
Yu batur urang ulin ka Nanggerang
ah embung sieun lila teuing beurang
keun atuh ambeh umur urang panjang
nu panjang Nini Aki Balangantrang
Leuleui leui leuleu leuleuyang
aya mojang geulis pisan
Yu batur urang ulin ka Naggorek
ah embung Nanggorek mah lila poek
keun atuh ambeh seubeuh ngeleketek
leketek embung sieun bareuh kelek
Leuleuileuyang aya bujang teu uyahan
Galah Ginder :
Galah ginder galah ginder
adelerder dut ndutan
cle ka pangaclekan
clo ka pangaclokan
jleg ka pangajlegan
Ganggonggo gangbengbe
atoli toli mas marino
plang atilingtingplang bule
sarpa’i lonyod penyon
boga rupa jiga embe
karesep nyonyoo kohkol
emh nyonyoo kohkol
emh nyonyoo kohkol
emh emh nyonyoo kohkol
emh emh nyonyoo kohkol
Ningningnang :
Ningningnang ningningnang
doli ndot blem
dalem sumping dor
bajidor tutunjuk kembang malati
ya olé olé ombang
térongna ting belenong
adu riri siri pinyong
inyong inyong mas muria
tukang gandék raja belang
Nengnongnengjak :
Néngnongnéngjak
toroktok kuda janggotan
pa kuwu kariaan
laukna lauk bilatung
kéjona kejo gadung
tangtung bedog rumpung
tungtang bedog rompang
hét hét kuda janggotan
kélék monyét héhéotan
bangdung bangplak ndut ém
Surser :
Surser surser
angeun waluh tacan asak
disuluhan ku baketek
baketek meunang meulahan
meulahan ku peso petok
peso petok gagang timah
nalek tok anu di imah
Surser surser
amis cau amis kumbang
jawadah tataleotan
hileud si tataru ngambang
ih tai manukan
ih tai manukan
Sakentrung :
Sakentrung sakentrung
sakentrung sakentrung
paré hawara ti huma
ditutu na lisung pondok
trung dong dong trung éng
trung dong dong trung éng
trung dong dong trung dongéng
Sakentrung taligung peci pécang
tété tulak tété wondo
dalem tulak raja sono
kalisana dong blé
kacang diraraweuy tembus kénéh
dodol sana dodol sana
cir kuciplak doli ndot blem
Siapa siatu siapa pegang ratu
di depan pintu salah satu
sakentrung taligung nyi mantri dalem
mindrio mindrio tember muté
hayam kate hayam katé
dilulugem ta éhém ta éhém
ta éhém ta ém ta ém
Milang Kadaharan :
haji gula,
tiwu opak,
dalima,kesemek,
dukuh, dadap,
Salak, sapu.
Nanangkaan :Genjling-genjling
Éta saha di pipir?
Kaula !
Rék naon?
Rék meuli nangka,
Nangkana gé karék dipelak,
Nangkana kakara jadi,
Nangkana kakara jadi tongtolang,
Nangkana kakara gumading,
Ayeuna geus asak,
pék baé geura ala.
Ni Ongo :
Ni Ongo,bujur nini molongo,
Pasang batu dua puluh lima,
Aya tangkal cau,
Aya tangkal peuteuy,
Nyai geura nyagu,
Akang peurih beuteung.
Ngala Hui :
Kelenang-kelenéng napi sééng,
Keledat-keledut napi huut,
Saha éta nu ngaliwat?
Kami aki jeung nini,
Rék naon?
Rék ngala hui.
Pacublek-Cublek Uang :
Pacublek-cublek uang,
Uangna manggul lénténg
Butata-butiti,
Padati wara-wiri,
Tah si nona tah si babah,
Si Sidin mau kawin,
Gamelan jegang-jegung,
Ta eemh, ta eemh.
Pacublek-cublek uang,
Uangna ngaborété,
Mutata-mutiti,
Padati wara-wiri,
Tong si nona tong si babah,
Katék bungbu,
Bokér-bokéran,
Si Sidin maling awi,
Potong kerbau tinggi,
Tinggina jemblang-jemblung.
Capit Cuit Cangkorélang :
Capit cuit cangkorélang,
Manuk daun mobok liang,
Liang keuyeup, keuyeup sekar,
Sakur cai, cai haneut,
Haneut kuku, kuku peusing,
Peusing cala, cala bunar,
Bulan silih, silih ogan,
Ogan kotok, kotok hurik,
Hurik amis, amis gula,
Gula léngkét, léngkét dagé,
Dagé dungkuk, dungkuk lutung,
Lutung puntang, puntang dahan,
ahan pucung, pucung célang,
Célang bonténg, bonténg lilin,
Lilin odéng, odéng paré,
Paré konéng, konéng tinggang,
Tinggang anak, anak buwu,
Buwu séksék, séksék nobék di karéés.
Jung Jaé :
Jung jaé balakatanjung jaé,
Pucuk menyan mangsoyi godong malati, riri
Riri nyandung ka putra Dalem Tumenggung, Bandung
Bandung tipung polongpong saunda-éndo, poho
Poho tadi lalajo teu mawa simbut, butut
Butut bétét kakampis munding kadempét, coét
Coét-coét ngaléak ka nu kacangan, jebrod!
Wék Wék Dor :
Wék wék dor,
Doran pacul,
Culak-cileuk,
Leukeun pisan,
Sandékala,
Béas beureum,
Reumbeuy kacang,
Cang kadelé,
Lého sapi,
Pindang lubang,
bangkong héjo,
Joli jopak jojoliong.
Ambil-Ambilan :
Ambil-ambilan,
turugtug hayam samantu,
euweuh nu diambil,
kabéh gé budak pahatu,
najan pahatu gé daék,
purah nutu, purah ngéjo,
purah ngasakan baligo,
purah calik dina lampit,
purah tunggu pipir leuit,
nyerieun sukuna,
kacugak ku kaliage,
aya ubarna,
urut guling sampuragé,
tiguling nyocolan dagé,
geura dahar sangu bodas,
béasna beunang ngahidas,
lauk cai beunang mais,
angeun taleus pencok hiris.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar